Halodo Panjang

Halodo entak-entakan, geus aya genep bulana hujan can turun bae. Jukut gararing, taneuh gahgar geus mangrupa lebu ngebul katebak angin. Hulu cai di Datarkemasan saat, garing teu kaluar cinyusu sakeclak-keclak acan. Ngan hulu cai ciburial di Cihonje anu masih ngocor teh perenahna di lebakeun kampung, sarerea urang lembur ngan ka dinja ngadon mandi, ngala cai keur nginum, atawa keur kaperluan di dapur sejenna teh. Cihonje mah tara ngalaman saat sanajan halodo sakumaha lilana oge. Eta kasaksian poho deui iraha-irahana mah, halodo
sataun nyampleng ciburial di Cihonje mah angger bae ngocor ngogolontor.

Ari geus halodo lila kitu teh nu tatanen mah wudu teu bisa pepelakan, boro-boro bisa melak sabangsa beubeutian utamana sampeu jeung boled di kebon, dalah disawah oge anu biasana ledok jeung lendo keur dipelakan pare oge kanjat ka bareulah taneuh sawah teh.

Harepan patani mah taya lian hayang geura cur hujan anu gede, hujan anu badag, kajeun teuing susukan ngagulidag caina, atawa cileuncang ngamalir ngembeng ka mamana, cai balong parinuh ku cai kanjatka aya nu leber lalimpad laukna. Kajeun teuing gelap dordar alam reueuk oge da datang hujan kahayang nyaeta hujan keur ngolah tatanen panyawahan tea.

Tapi geuning hujan teh teu datang bae, patani loba rumahuh. Eta mah geus jadi hiji kapastian lamun di desa kuring manggihan halodo panjang, bakal manggihan paila, paila teh jaman tigerat, langka kadaharan naha sampeu, boled, geus karuhan ari beas mah. Eta teh keur buruh tani nu teu boga tanah atawa sawah kacida beuratna, kumaha jeung kamana nyiarna dahareun keur eusi peujit, dalah keur nu boga tanah jeung sawah oge ngarasa taak, kapaksa dahar sangu dieutik-eutik, beas direumbeuy jeung jagong atawa dahar sangu ngan sakali, dahar sore mah ngan cukup ku sampeu bae.

Breg atuh hujan geura datang, naha teu karunya ka buruh tani, anu katalangsara lantaran halodo panjang, cur atuh hujan, cur atuh cai kahuripan…

Advertisements

Beluk, Nungguan Nu Tas Ngajuru

Kamari, dina postingan anu anyar kaliwat kuring nyaritakeun “ngagebrag” orok anu karek pisan dilahirkeun. Ceuk indung kuring jeung ceuk kolot-kolot harita cenah ngarah budakna teu rerenjagan, teu ngajentul teu puguh, ulah teunggar kalongeun, binekas, aktif, sagala bisa, jeung sehat salalawasna. Kitu cenah duka ari bener henteuna mah. Meureun mun ayeuna mah mending divaksinasi, dipariksa dokter ngarah ari panas teu step, omat-omat ulah nepika autis, lamun rada beda kalakuan atawa dina aktifitasna rada beda jeung nu sejen nu saumur, pasti gancang dibawa ka psikolog anak.

Keur kuring budak, asa loba pisan anu ngalahirkeun, loba nu ngajuru boh ua atawa bibi, oge geus lir lanceuk mah, samalah indung kuring ngalahirkeun adi kuring anu bungsu. Ari dipikir-pikir atuda dulur-dulur naha lanceuk, bibi, oge ua, keur ngarora keneh keur waktuna anu produktif pisan, masa subur keur nyitak anak. Katurug-turug can aya program KB, anu ka beh dieunakeun eta KB teh diwajibkeun komo ka pagawe nagri mah. Jadi teu aneh harita mah lamun anu baroga anak welasan teh.

Lamun kuring diajak ku indung ngalongok anu ngajuru, sok daek wae  sanajan jauh ti lembur oge, aya nu di Gereba, di Bangbayang, di Cieurih, di Cilongok, atawa di Munjul, teuing kumaha tetenjoan kuring mah di nu ngajuru teh bet siga di nu hajat, Nya resep bae keur kuring mah kahiji loba dahareun, kaduana bisa ulin jeung dulur misan atawa dulur sabrayna waktu peuting komo mun caang bulan mah di buruan.

Tah, di lembur kuring keur ngareuah-reuah anu anyar boga orok, tatangga, geus lir nu disebut dulur mah, sok daratang nganjang ngalongok, teu lengoh datang teh rupa-rupa babawaanana, nu rada katalingakeun ku kuring loba anu mawa uras atawa leupeut jeung deungeuna goreng lauk, goreng tempe atawa oncom ditipungan, asa ngeunah bae karasana teh.

Ti mimiti poean gubrag orok ka alam dunya geus pakpikpek nu babantu sabisa-bisa, saaya-aya, nu teu bisa pura-pura bisa, geus lir anu bisa mah gancang prungna, nu teu aya diaya-ayakeun, aya anu ngabedahkeun balong, atawa meuncit hayam jago, jeun teuing diherengan ku nu bogana biasana mah cocooan lanceuk si orok.

Di tepas atawa di tengah imah, atuh mun hareurin di hareup di kamer tamu, ngampar samak, peutingna nyeungeut lampu patromaks, mani caang ngempray, anu biasa sapopoe kakalicesan oge da ku cempor minyak tanah tea, zaman harita atuh can aya lustrak listrik.

Ba’da sholat isya teh ti tajug da tuluy bae ngabring ka imah anu tas ngajuru, sihoreng simana horeng erek beluk tea. Ari beluk teh nyaeta nembangkeun pupuh make lagu buhun sorana dihaleuangkeun dialeu-aleu. Seni beluk kuduna mah dipaenkeun ku, biasana lalaki, 4 – 9 urang dipingpin ku juru ilo nyaeta minangka dalangna. Eta Si Juru Ilo atawa dalangna teh nu macakeun sairna dina wangun wawacan. Ari wawacan nyaeta hiji karya sastra Sunda anu wanguna nuturkeun pola pupuh. Jadi eta si wawacan teh nyaeta mangrupa carita anu didangdingkeun, ari pupuhna mah biasa bae saperti kinanti, asmarandana, sinom, dangdanggula, durma, jeung sajabana.

Balik deui ka imah anu boga orok tea sok kadangu galuntreng,

Ceuk Bi Omoh ti pawon: “Rek beluk wawacan naon ayeuna?”

Ceuk juru Ilo, kabeneran emang kuring Mang Sukarma: “Eta wae si kukut wawacan Panji Wulung”

“Jih, naha Panji Wulung deu Panji Wulung deui, kuring mah hayang lalakon Purnama Alam, rame cenah bejana” Cek Bi omoh

“Kapan buku wawacan Purnama Alam mah diinjeum ku Jang Guru Ewo aya nu ngajuru di Nangoh, kapilanceukna” jawab Mang Sukarma, “keun bae da loba barudak ngora anu can nyarahoeun, hayu atuh urang mimitian”.

Bari nulis ieu postingan kuring nyandingkeun buku Wawacan Rengganis, teu boga wawacan Panji Wulung mah. Geura ieu ku kuring rek ditulis padalisan ka hiji jeung kadalapan dina pupuh asmarandana:

1. Kasmaran kaula mudji, ka Gusti Adja wa djala, nu murah ka mahluk kabeh, djeung mudji utusanana, Kangdjeng Nabi Muhammad, nyaeta Nabi panutup, miwah mudji sahabatna.

8. Katjatur sahidji nagri, ngaran nagri Djamin-erak, radjana tilar kadaton, anu matak luluasan, tina bawaning tresna, sungkawa manah kalangkung, ku sabab pupus garwana.

Tah eta baris demi baris dibaca ku juru ilo, breng ditembalan ku pamaen (tungtungna mah saha bae nu bisa) diturutan saperti sakumaha nu diucapkeun ku juru Ilo, tapi bari dihaleuangkeun sakumaha judulna saperti conto di luhur mah pupuh asmarandana. Sakainget di lembur kuring mah teu dilaeu-laeu laguna teh, sigana teu aya nu bisaeun, tapi ari ngaran lagu-lagu pupuh mah arapaleun pisan.

Teu pati ngabandungan nepi ka jam sabarah eta beluk teh, atawa sabaraha peuting diayakeunnana. Tapi pikeun kuring mah asa ngarasa resep sabab ngabandungan dongengna, jeung deui eta loba susuguh…

Duka ti iraha eta tradisi beluk di imah nu anyar boga orork teh mimitina, sarua oge duka nepi ka iraha eta kabiasaan teh leungitna, da ayeuna mah dilembur kuring beunang dipastikeun geus teu aya, geus sirna bareng sigana jeung sirnana juru ilo jeung pamaena dipundut Ku Gustu Nu Murbeng Alam, ngan kari waasna wungkul…

Cag!

Zaman Baheula, Ngagebrag Orok…

Ari geus aki-aki mah osok hayaaang bae ngadongeng teh, ngadongeng naon? Ah, rupa-rupa bae pangalaman zaman baheula, zaman keur budak. Naon sababna osok hayang bae ngadongeng atawa cacarita kanu ngarora? Sabab na mah cenah ari Si Aki geus ngalaman mangsa katukang, ari nu ngarora mah kapan acan. Kaduana sugan bae jadi picontoeun pikeun anu ngarora, komo mun ngamotivasi anu positif keur ngambah ieu kahirupan. Katiluna ngadongeng teh ngarah teu leungit rupa-rupa carita atawa pangalaman teh. Naha openan teuing atuh keun wae laleungiteun oge! Jiiih apan ngarah jaga mun aya nu hayang nyaho teu leungiteun teuing raratan, pan idealna mah engkena bisa jadi carita anu disambung sarungsum.

Ari nu ngaran zaman baheula wates waktuna teh ti iraha nya? 10, 20, 30, saratus taun, atawa sarebu taun kaliwat? Ah, atuh nu arek didongengkeun teh anu kuring (aki-aki tea) inget jeung ngalaman bae, saupamana ti mimiti taun 50-an, kuring gubrag ka dunya ceuk beja mah taun 1946. Sok sanajan boga tanggal kalahiran, eta mah meunang ngira-ngira bae, da geuning zaman harita di pilemburan mah tara aya nu haat nyatet tanggal lahir anakna, kilang bara atuh nyieun akte kelahiran mah. Sok sanajan eta tanggal teh meunang ngira-ngira tapi … nurustunjung (punten!) na teh ku barudak jeung ku incu make jeung diulang tahun keun deuih…

Anu rek dicaritakeun teh tempatna di wewengkon Ciamis Kaler atawa Ciamis Utara meureun mun teu salah mah zaman ayeuna wewengkon sapanjang jalan anu ngajembat ti Ciamis kota nepi ka Kabupaten Kuningan, Kacamatan anu kaliwat teh kacamatan Baregbeg, Cipaku, Kawali, Panjalu, nepika Panawangan.

Naon sababna kuring nulis dina basa Sunda kapan biasana mah dina bahasa Indonesia? Utamana mah nyaritakeun zaman harita, di tempat eta anu eta tempat teh tug nepi ka kiwari keur komunikasi teh ngagunakeun basa Sunda, asa kamalayon mun nulis henteu dina basa indung teh. Atuh leuwihna ti eta, asa loba kekecapan ti mimiti judul carita euweuh babandinganana dina bahasa Indonesia, atawa eta mah ketang kaasup katuna kuring dina cumarita atawa tutulisan.

Aduh, ieu teh bet loba pisan sanduk-sanduk papalaku, panjang teuing bubukana, ari kana eusi nu rek dicaritakeun mah teu kaur prak atawa teu kaur pok. Lain, lain dongeng dongengek nedunan kahayang budak anu menta pangdongengkeun “Zaman baheula aya hiji raja kabeukina gedang atah, komo nu asak mah… “. (Nyutat tina buku “Sura-Seuri Sunda meunang H.D. Bastaman).

Tah, zaman harita ari anu ngajuru (aduh ieu teh asa teu pantes keur manusa mah, da ngajuru mah keur embe, munding, atawa sapi). tara ieuh ditulungan ku bidan atawa jajauheun ku dokter umum atawa geuning beh kota jeung nu boga pakeunna mah make jeung dokter spesialis kandungan sagala. Zaman harita mah cukup ku paraji atawa di lembur kuring mah disebutna “Ma beurang” atawa “Indung beurang”. Teuing kuring teu ngabandungan atawa kumaha tara aya paribasa orok memeh dilahirkeun “letak sungsang” atawa jalan ngalahirkeun kahalangan ku bali, asa can ngadenge anu disesar sagala. Kabeh ngalahirkeun normal, da memang normal lain, ngajuru mah lain panyakit, tapi pikabungaheun, pagawean pang mulyana anu teu bisa dipigawe ku kaum bapa.

Ari budak lahir ceuk ingetan kuring asa tara diazanan dina ceuli katuhu, tuluy dikomatan dina ceuli orok beulah kenca siga zaman beh dieu. Nu kawenehan teh ku paraji atawa Ma Beurang tea “digebrag”. Prak-prakanana basajan bae nyaeta orok keur sare atawa keur beunta oge meunang meureun digolerkeun dina dipan. Tuluy si Paraji teh nyekel batu ukuran leuwih gede batan peureup kolot, Eta batu teh digebragkeun atawa diteunggeulkeun ka… gigireun orok kencaeun atawa katuhueun. Unggal gebrag eta batu kana palupuh atawa dipan tea pok Si Ma Beurang teh ngucapkeun: “Ulah sadenge-dengena lamun lain dengeeunana!” Brag ngagebrag: “Ulah sadeuleu-deuleuna lamun lain deuleueunana!” Brag ngagebrag deui: “Ulah sakecap-kecapna lamun lain kecapkeuneunana!”

Teu siga zaman ayeuna poe ieu ngajuru, isukna biang bayi geus bisa leumpang. Baheula mah tas ngalahirkeun teh tuluy ngagoler bae, bari ditunjangeunana digoleran batu gede ngarah ngeunah nu nyanghunjar bari ngajejek batu.

Ma Beurang bulak balik ka nu tas ngajuru, sakalian ngamandian jabang bayi bari jeung ngurus indungna. Can opat puluh poe mah Indung Beurang tara kendat ngalongokan kanu tas ngajuru, sanajan indung orok geus jagjag oge. Ongkoh sakalian ngagebah bapana si orok bisi ngaragamang memeh 40 poe.

Cag!