Rupa-rupa Kadaharan, Mapag Lebaran di Lembur

Ciamis Kaler Taun 50-an..

Maleman poe ka 29 mah; maleman tanggal salapan likur, sok rada beuki loba dahareun di masigit teh , loba jajaburna; loba lalawuhna; loba amis-amisna. Pan eta dimimitian ku hataman tadarus, tamat maca ayat suci Al Qur’an. Wallohu alam bener henteuna mah ngan geus tamat weh maca Quran teh. Eta kudu disalametkeun, kudu sukuran, nyaeta ku balakecrakan deui bae di masigit. Mang Omon sabada taraweh, maca doa hatam baca Al Quran, nu dibacana aya di kaca panungtung dina kitab Al Quran. Jamaah bari ngariung rampak muji:  Amin ya Allah, amin ya Allah, amin ya Robalalamin, amin ya Allah, amin ya Allah, amin ya Allah insya Allah. Brak deui dahar parewog-rewog.

Tanggal 30 bulan Ramadhan tanggal panungtung, panungtung puasa, pangresepna ngadulag. Ngadulag teh nakolan bedug, sabenerna henteu asal nakol tapi boga ritme atawa boga lagu henteu asal bae nakol. Ngadulag ti isuk keneh geus ngageder, ngadulag teh giliran, sawaregna, sacangkeulna, malah sakapeung mah mani asa komper leungeun teh. Bedug teh keur jaman kuring budak mah asa luhur, jadi kudu jengke, kitu ge ngan katakol sisina, lamun hayang tumaninah kudu nek kana jojodog.

Di imah geus mimiti rame deui, siga basa munggah malah leuwih obyag. Nu nyapu, ngepel, beberesih da isukan bisi aya tamu, kudu rada beresih imah teh. Atuh pusuk pasak, tumas tumis geus dimimitian, biasa sarupaning sasangaan, malah aya ojoyna, aya sanga emih bihun, aya besengek, sanga kentang oge make peuteuy. Jeung ti kamari keneh nyieun rupa-rupa amis-amis, kuah kueh. Aya adas, aya apem, aya bolu kijing, aya papais, opak, ranginang, wajit, goreng kicimpring oge aya.

Kitu deui lalaki, kolot budak alancrub ka balong, ngabedahkeun. Ngan ari lebaran atawa rek hajat wungkul ngabedahkeun balong teh. Susukan pamiceunan cai bebedahan balong nepika kiruh. Cocok cai di dasar balong geus dicabut ti subuh keneh. Kabeurangnakeun cai tinggal sabitis. Kudu nyieun heula lombang atawa kulah nu rada jero lebah kokocoran cai, ngarah lauk ngumpul jeung neureus kadinya. Budak nu boga balong geus ngecak, ngiruhan cai, atuh lauk mabok nyenghap kaluhur. Budak teu hanjat pedah dicaram ku kolotna norek bae da resep ngecak, bebelokan ku laladeg bari nyoo lauk. Mun lain keur puasa mah da sok bari nyieun durukan di sisi balong teh, eta ari newak nilem teh, lung bae kana durukan. Nepika geheng, karek dijait. Belewek bae dihuapkeun sanajan panas pisan dina sungutna teh.

Tah dina kulah nu geus laukna kumpul karek dipilihan mana nu rek diala mana nu arek dileupaskeun deui. Nu milihan biasana indung kuring sok dicalukan ku Bapa.

“Manehna, ieu geura pilihan lauk, nu mana nu rek diala?”
“Sok bae atuh ku Bapana!”
“Jih ari sagala teh, ieu ngarah apal mana nu rek diasakan keur isukan.

Jrut indung kuring turun ka balong, tuluy mimiti milihan lauk. Lauk mani rajleng, da heurin. Indung kuring geus tapis nyiuk jeung misahkeun kana jolang gede.

“Ieu si kumpay ala?” Ceuk indung kuring
“Entong pan pijahkeuneun” walon Bapa kuring bari jeung teu nempo-nempo acan. Da bari ngedukan laladeg di kaluhurkeun kana galengan balong.
“Gurame gede rek diala?”
“Entong, lebar” bari tonggoy maculan laladeg.

Tapi da kitu, indung kuring nanyakeun itung itung bebeja yen si kumpay jeung gurame rek diala. Sanajan ceuk mama entong, da nu sabenerna mah, sapangersa ema. Geus aya dina piring mah Mama oge tos teu majar kumaha, tara maido tara gegelendeng. Eta da meureun anjeuna oge hoyongeun kana pais si kumpay jeung acar gurame teh.

Sok sanajan lebaran tara kawenehan di lembur anu meuncit embe atawa domba. Nu sok ningali teh meuncit hayam, si jago atawa jajangkar. Hayam gede, geus kolot, hayam kampung, jadi ari kurang lila ngagodogna mah, liat keneh. Tara sagawayah peupeuncitan, embe mah ari rek hajat naha nyunatan atawa ngawinkeun. Kusababa arang langka peupeuncitan ari kana daging teh kacida pada hayangna, pan disebutna oge siga puasa manggih lebaran.

Ba’da sholat isya, der bae takbir, ngagungkeun asmana Allah, barudak reang, loba nu silung, teu bisa nurutan lagu takbir kolot. Takbir teh dibarengan ku sora dulag, maju ka jam sawelas peuting mimiti tinglalenggut, tingkolesed baralik geus teu kaduga ku tunduh. Tengah peuting teh kari sora dulag wungkul, barudak nyacapkeun kapanasaran bagiliran ngadulag peuting panungtungan. Barudak oge lila-lila mah teu karuateun nakolan bedug. Jep bae jempling. Tinggolepak sarerea pagugulung di masigit.

Nincak jam tilu janari leutik, der deui takbiran, barudak ting korejat lulungu, panakol bedug teuing dimana. Geus kapanggih der deui ngadulag. Nu di imah oge taranghi rada lieur keneh da peuting can cukup sare. Paciweuh ngahurungkeun seuneu di hawu, ting karepoh niupan make songsong da seuneu hese teurak kana suluh baseuh, komo usum ngijih mah. Geus hurung gura giru ngahaneutkeun sungu-sanga bisi haseum bawaeun ka masigit isuk-isuk, keur sidekah – teuing naon sababna disebut sidekah – bareng ba’da turun raya.

Ba’da sholat shubuh, sarerea nu ti masigit baralik heula ka imahna masing-masing, mandi heula, beberesih, tuluy make baju anyar keur nu boga mah, make jeung sok digojrotan minyak seungit sagala. Gura-giru ka masigit deui, takbir jeung ngadulag deui ngadagoan sholat iedul fitri.

2 thoughts on “Rupa-rupa Kadaharan, Mapag Lebaran di Lembur

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s