Ngabuburit di lembur

Ciamis kaler taun 50-an..

Pagawean kuring anu geus maneuh mah nyaeta ngarit, enya ngala jukut keur parab embe, aya meureun opat siki mah cocoan embe teh. Kilang kitu da sakapeung mah sok ngarasula ari dititah ngarit teh, biasa, sisirikan jeung lanceuk. Sedeng lanceuk kuring awewe, teu pati lumrah awewe ngarit mah, karunya saur Ema teh. Kuring sok eleh geleng da boh kukitu boh ku kieu oge tetep ngarit mah tanggung jawab kuring.

Aya eta oge adi lalaki, tapi asa leutik keneh, rek milu oge ngarit sok disieuh-sieuh teu meunang, sieun ngahesekeun engke di kebon. Ongkoh engke jaga lamun geus waktuna ngagentenan kuring mun kuring geus di SMP, atawa nyanyabaan.

Tah didieu di kebon, sok ngumpulkeun dahareun keur buka teh, rupa-rupa aya tundun (rambutan) haseum, salak kesed, jambu batu ngora keneh, malah gencoy oge sok dipulung keur tajil. Maju ka beurang tugas pagawean geus rengse, lohor teh kari mandi, lain mandi hayang beberesih, tapi eta ari tas mandi teh sok rada seger jeung teu hanaang teuing.

Ba’da lohor geus rabeng nu nyalampeur, eta rek ngabuburit, ari ngabuburit sok seseringna mah ka tanjakan tilu. Nu disebut tanjakan tilu teh nyaeta perenahna di Cikananga, aya tilu tanjakan noron, ngan diselang datar saeutik. Ari leumpang ngabuburit ti lembur kuring mah perenahna teh ngidul, ka Nangoh, terus lempeng, engke manggihan makam Buyut Jangraga, ka sasak, sok ulin heula didieu, ningalikaen cai tarik di walungan. Bras ka kampung Selacai, ulah dituluykeun lempeng, mengkol ka kenca, brasna ka Cangkore. Tidinya leumpang deui mapay jalan aspal nu nuju ka Ciheras atawa kadituna ka Kawali. Terus nepika sasak walungan naon tah poho deui. Didinya sok ulin heula, sok nuduhkeun lebah dinya, urut treuk mawa muatan gula tibalik.

Didinya tara lila sanajan resep oge bari ngabandungan mobil anu liwat, lolobana oplet jurusan Kawali Ciamis. Treuk bae jeung beus biasana mah jarauh tujuanana ka kaler ka Cirebon, ka kidul pang deukeutna ka Ciamis. Naon pang tara lila, ceuk babaturan cenah engke mun aya mobil tiguling, urang bakal dipenta jadi saksina, mangkaning cenah ulah bae urusan jeung pulisi mah. Ka beh dieunakeun dongeng teh asa loba bohongna, dasar bae keur budak sok pagede-gede rahul.

Sabenerna lamun ngan saukur rek ka tanjakan tilu ti kiduleun lembur oge aya simpangan jalan ngaliwatan makam Nangoh, lempeng bae terus nepi ka brasna teh ka tanjakan nu ka tiluna. Tapi pan ngarana oge ngabuburit, jeun teuing jalan muter oge, ngahaja ngarah ngadagoan bedug Magrib. Mangkaning ladang leumpang nguriling teh ngan kakara dur asar nepi ka tanjakan tilu teh. Tah di tanjakan kaduana aya padataran malah aya bangku sagala, eta keur nu ngadagoan oplet mun erek indit-inditan. Sok didieu dariuk bari heureuy garogonjakan.

Mun geus rada reyem-reyem sok kaluar lalay – eta tanggara geus deukeut magrib – sok gura-giru balik, satengah lumpat da magrib teh di Nangoh keneh. Eta teh sok kaburu ngaheureuyan heula monyet nu dicangcang, ingon-ingonan eta meureun nu boga imah.

“Kudu ngabatalan euy, da puasa mah teu meunang leuwih waktuna”
“Enya ngalamot curuk bae, bari niat buka, allohuma lakasumtu robbika amantu waala rizkika abtortu birohmatika ya arhamna rohimin.” Wel bae ramo diasupkeun kana sungut. Kuring ngarampa saku, dina saku aya balingbing wuluh, calingcing di lembur kuring mah disebutna teh. Mani mereundeuy bakat ku haseum, tajil ku calingcing tea pisakumahaeun. Batur teu dibere da ngan hiji-hijina, kitu ge geus dina sungut kuring. Jeung ongkoh rada era buka puasa ku calingcing meunang mulung deuih ti pakarangan tukang imahna Pa Ua.

Datang ka imah.

“Tah geuning, tas timana mani geus ngaliwatan magrib? Sok geura dahar kadinyah. Engke deui mah tong ngaliwatan deui magrib!” ceuk indung kuring.

Kuring teu pati nembalan sabab geus sambutut ku sangu deungeuna goreng mujaer, jeung angeun lompong, di lembur kuring mah disebutna angeun poloy. Teu wudu ni’mat.

Alhamdulillah geus tamat puasa sapoe. Sok sanajan ku indung kuring diomat-omat ulah balik ngaleuwihan magrib, isukna teh kitu deui bae, eta da sakapeung sok poho keur puasa, sok kamalinaan ulin. Satuluyna mah indung kuring tara gurah geureuh deui, eta da meureun tibatan di imah ngan saukur pasea jeung dulur. Ngarurudet kolot.
Tuluy gura giru neang pitajileun nu geus dikumpulkeun, ah mani hoream nempona oge. Eta da ku sangu jeung deungeuna oge mani geus asa kamerekaan, tuluyna mah ngan saukur dipiceun. Teu kapok isukna teh ngumpulkeun deui rupa-rupa kadaharan.

Berengbeng ka Masjid, bari nyampaykeun sarung, indung kuring geus apaleun tara tatanya deui.

One thought on “Ngabuburit di lembur

  1. wararas teuing, pangalaman ngabuburit nu ditulis di luhur asa mirip jeung nu kaalaman ku kuring keur budak di pakidulan kabupaten Bandung.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s