Puasa Malem Lilikuran di Lembur

Bulan Puasa di Ciamis Kaler taun 50-an..

Bulan puasa nu pangresepna geus malem lilikuran. Kahiji atuh puasa tereh rengse jeung tereh lebaran, kaduana sok beuki resep ka masjid sabab sok balakecrakan dahar. Jeung eta nu mawa resep teh maleman lilikuran ganjil sok meunang ngadulag. Nakol bedug. Kitu bae galibna di lembur mah. Kadua-dua mun teu ngadulag sok aya nu nganaha-naha.

Maleman puasa poe ka 21, poe ka, 23, 25, 27, 29. Tah ti poean puasa ka duapuluh ti subuh keneh geus ngadurdur dulag. Kitu unggal sabada sholat wajib. Atawa ari hayang mah iraha bae asal malem lilikuran jeung hayang ngadulag sok der bae. Ari maksud hadena mah malem lilkuran ganjil teh ngingetan supaya urang sing beuki loba dzikir, loba munajat, loba muji kana kaagungan Allah SWT, dina raraga nyambut datangna peuting Lailatul Qadar.

Ari dongeng dahar balakecrakan di masjid mah kieu, sa kampung geus diatur, kabeh unggal kuren meunang giliran, mawa sangu jeung sapuratina deungeuna. Malem tanggal salikur bagian RT itu, maleman tilu likur bagian RT ieu, mawakeun. Salian ti sangu sadungkuk, oge rupa-rupa deungeuna, saperti goreng lauk mujaer, nilem, tawes, tambak.
Tara aya nu mawa lauk emas atawa gurame, eta mah – keur nu boga – engke keur lebaran. Atuh sungu-sangana, sanga kacang beureum, sanga buncis, kacang panjang, sanga emih koneng, anu lamun heuras sangana sok dipoyokan cacag salang. Kitu dibawana dina tetenong, disuhun ku kolot awewe, atawa nitahan anakna nu awewe, nu geus kuat nyuhun tetenong.

Malem lilikuran ganjil jamaah sholat isya jeung taraweh nambahan deui siga maleman mimiti puasa, sabab eta aya panarikna, dahar peuting nyeubeuhkeun tadi buka magrib. Tara aya nu ngolesed ninggalkeun taraweh, sok junun nepika tamat. Aya oge nu ngolesed, teu kuat hayang kahampangan, sok gurabgiru balik deui, diuk na oge pangdeukeutna ka anu ngalas. Ngarah katingali ku juru duum, bisi kaliwat.

Ari nu kapeto juru duum teh dikokolotan Mang Emo, dibantuan ku pamuda nu sok tadarusan. Tetenong ti mang Aminta, brak dibuka, sanguna bru kana baskom, sangana burulu kana baskom hiji deui, jeung laukna sok di kana wadah baskom lainna. Tetenong mang Alwapi, brak dibuka, Mang sanropi, Mang Karma, mang Marnuki, Pa Ua, kitu unggal tetenong dibukaan eusina dicampur, dihijikeun. Tuluy dialas, dina daun cau, daun cau oge geus disadiakeun dina unggal tetenong. Sor ka unggal hulu meunang hancengan.

“Enggeus kabagi kabeh?”
“Encan, yeuh di beulah dieu tiluan deui” Ceuk si Suha
“Jih, naha da nyieun alas teh asa geus cukup, opat puluh dua urangeun”
“Ieu Sanropi mawa budak sadua-dua, can kabagean”
Heueuh kapan bebenjit, esang-esang, kum bae kabeh geus diitung” ceuk Mang Emo nyereng.
“Kerok ngitung meureun nyaneh mah Tom”. Etom maksudna teh.
Tong di denge si Uha mah mang Karma, eta atuda di lelewek juru eta mah aya tilu tuur dikopeahan”

Ger sarerea seuri. Kitu sagala rupa teh bari diselang ku banyol jeung, sempal guyon. Beres ngadu’a. Brak sarerea balakecrakan dahar. Tara aya nu maido teu ngeunah rasana sok sanajan rupa-rupa tumis atawa sanga ngahiji ngagalo, basana oge keun bae dina beuteung oge pacampur ieuh.

Poho kana mapag malem Laelatul Qadar . Kalah beuteung bungkiang, mawa jurig tunduh. Emh hampura kuring Gusti.

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s