INVALID

Duh deudeuh teh teuing
Keur sumedeng buta tulang buta daging
Leungeun potong ngagilincing
Suku buntung kari pingping

Deuh nyaah ku tagog
Ngan hadena kana gawe henteu pogog
Najan anggahota jadi ngurangan
Teu matak mopohokeun ka nagarana

Duh nu tanpa daksa
Hiji tanda pahlawan nu geus berjasa
Geus sosoroh bela bangsa
Nyata bukti yen satria

Duh para pahlawan
Anu enggeus ngarasa jaradi korban
Tetep tigin ngabela lemahcai
Teu mamrih pangarah reujeung pamuji

Duh deudeuh teh teuing
Keur sumedeng buta tulang buta daging
Leungeun potong ngagilincing
Suku buntung kari pingping

Deuh nyaah ku tagog
Ngan hadena kana gawe henteu pogog
Najan anggahota jadi ngurangan
Teu matak mopohokeun ka nagarana

2 thoughts on “INVALID

  1. Wahh, ternyata lirik kawih lagu ini ada yang expose, inget dulu waktu jaman SD sekitar 1995-1998, sering disuruh rampak sekar jika ada acara kenaikan kelas di kampung nan jauh disana, Ciamis utara

  2. Dan, biasana mun temana pahlawan aya pasanganana nyaeta: Karatagan Pahlawan nyaeta anu mimitina “teu honcewang, sumoreang…” Ditutup ku lagu Rd. Dewi Sartika mimitina “Kantun jujuluk nu arum, kari wawangi nu seungit,…” Eta nu hebat guru nu ngajarna sanajan cicing di tutugan Gn Sawal tapi ngajar koor sora 1, 2, jeung 3, wah hebat guru urang baheula. Kalau sekarang mendengar lagi lagu itu kalan-kalan bisa menangis…

Leave a comment