MANG WIRDI (2)

Oge pupujian nu rada panjang “Hum salam solallohu ala Muhammad, Allohuma sholi ala Muhammad….”. Ieu pupujian rada aneh sabab sok dicampur basa Jawa upamana bae, “tartib utawi basa tartib iturut-turut nu tiheula…..utawi paraduni pikukuhil Iman, Islam iku ono limo kahiji syahadat langkapingdo kasu rohim…” Terusna mah teu bisa, da harita oge sabenerna can bisa, kitu bae tuturut munding ka kolot.

Kuring sok hayang apal sagemblengna eta pupujian, tapi basa kuring nganjang ka lembur nananyakeun ka kolot-kolot di lembur anu keur budakna bareng jeung kuring, geus euweuh nu ingeteun. Keun ah engke ari ka lembur rek ditalengteng deui. Salian ti ngajar pupujian ka Allah katut Nabina oge Mang Wirdi sok ngajar jangjawokan kolot baheula. Upamana bae kieu “Allohuma puter giling raden Sulaiman salamet”. Duka jangjawokan naon, jeung ari rek naon eta “jampe” dibaca.

Harita kuring sok nanyakeun ka Eyang ari puter giling teh jangjawokan naon, anjeuna teu uningaeun. Kalahka nambahan jangjawokan “Aci keling lintang gading parawan ratu agama ratu selam pulo Jawa dangdayang sirining kembang lungguh tata aji demang”. Iraha dibacana Eyang? Ah eta mah iraha bae atawa keur maksud rupa-rupa, cenah. Enya meureun nu disebut jangjawokan sapujagat tea. Mun percaya eta jangjawokan sok dibaca ku kuring lamun rek ujian aljabar di SMP, atawa oge sok dibaca mun teu daek reup bae sare sabab sieun memedi, memedi teh mun ayeuna mah pocong. Kabehdieunakeun ayeuna aya doa sapujagat “Robbana atina fi dunya hasanah wafilakhiroti khasanah wakina adza banar”. Ieu mah sok sanajan “sapu jagat” aya tuntunanana.

Mang Wirdi oge sok mingpin doa dina basa Arab dina sagala rupa kasempetan, malah oge sok mingpin doa upama munjung ka makam Buyut Jang Raga. Utamana mah ari sidekah. Eta makam karamat lebahna kiduleun lembur, leumpang sajam oge nepi.

Rada kapapanjangan ngeunaan sidekah di Masjid, Sidekah teh hartina harita mah dahar bareng di masjid. Ari sidekah tea biasana dua kali dina sataun, nyaeta lebaran Iedul Fitri jeung lebaran Iedul Adha. Ba’da turun raya, geus jul jol nu mawa tetenong disuhun ku ibu-ibu atawa ku anakna nu awewe.

Ieu conto pagunemanana:

“Ieu nu ua Dinta “cenah ceuk nu nyuhun, bari nyodorkeun tetenong atawa baki rubak.

“Jih, na da kanjat ka menod, ngahanjatkeun gurame Ua?” cek Ja’i bari nampanan tetenong.

“Kadieuh bawa ka beulah kaler yeuh, Ua didieu silana. Barina oge gurame timana horeng” ceuk Ua Dinta

Eta mah keur conto bae, urang lembur ari sagala teh dibarung jeung heureuy, rese, ngarah rame, keun bae kapusing mah tinggalkeun heula di jarian.

Memeh brak balakecrakan dahar, sok ngadoa heula. Tapi samemeh doa biasana sok aya bewara, naha ti desa atawa ti nagara, ataw bewara ti kampung eta. Biasana nu pidatona Mama, enya bapa kuring. Nu ngadu’a Mang Wirdi, tapi rada aneh sok dituluykeun ku Pa Ua, doana cek kuring mah asa deukeut kana jangjawokan, eta da make “opat kalima pancer” sagala. Barudak harita nu arapal kana doana Pa Ua teh, dibarung ku dipake gogonjakan. Tapi peupeujeuh ulah geruh deukeut anjeuna, bisa nyaradat nyarekan lak-lak dasar teu anggeus-anggeus.

Nu inget keneh teh eta mang Wirdi sok ngajar qiro’ah ka calon panganten awewe. Sabab biasana engke ari waktuna kawinan dipentes ngaji, teuing kumaha da lalaki mah tara. Atawa pedah geus boga hancengan gawe beurat nyaeta “tarima abdi nikah ka si Anu binti Anu, Kalawan maskawin anu dibayar kontan!” Surat anu osok maneuh dibaca nyaeta surat Al Fatihah, Alhamdu tengah (ieu teh surat naon nya?), jeung surat-surat pondok zuz Ama. Sigana sok meunang duit keur hirup sapopoe tina ladang kitu, atuh nu sejenna tina mulasara mayit nepika ngurebkeunana. Ari pagawean sapopoe mah euweuh bedana jeung nu sejenna bebelekukan jadi bulu taneuh di sawah, kitu ge lain nu bogana tapi buburuh macul.

Mang Wirdi anu salilana basajan, ngajar agama anu anjeuna bisa, tara make gaya, pimanaeun jeung bari diskusi. Tara asa aing pang bisana, palias jeung nyalahkeun batur, arang langka nyebut haram atawa bid’ah, boa teu apaleun-apaleun acan naon ari bid’ah teh. Mun papanggih deui jeung Mang Wirdi kuring hayang ngomong: “keun wae Mang, keur nu palinter, nu majar tas masantren, nu hantem maseakeun doa qunut mah!”

Biasana Mang Wirdi tara ngajawab, sok kalahka: “geura takol bedugna jang Eman!, tos magrib, tuh tos kaluar lalay”. Sababna panakol bedug geus dicecekel ku kuring, eta mang Wirdi apaleun. Keur kuring harita taya deui nu ni’mat ari ka masjid nakol bedug jeung adzan, sabab sok parebut.

Emh Mang Wirdi kalawan ikhlas kuring ngaduakeun anjeun di alam kalanggengan sing kenging rakhmat ti nu Maha Rahman, Maha Rahim Allah SWT. ( Eman – Bandung, 20 Mei 2006)

Leave a Reply

Fill in your details below or click an icon to log in:

WordPress.com Logo

You are commenting using your WordPress.com account. Log Out / Change )

Twitter picture

You are commenting using your Twitter account. Log Out / Change )

Facebook photo

You are commenting using your Facebook account. Log Out / Change )

Google+ photo

You are commenting using your Google+ account. Log Out / Change )

Connecting to %s